Oseng cumi
Bahan:
- Sasendok minyak goreng
- 2 sihung bawang bodas,siksik
- 25 gr bawang bombay,siksik
- 200 gr cumi-cumi,potong siga korek api
- 100 gr paprika beureum,potong siga korek api
- 50 gr saledri,potong siga korek api
- 2 sendok saos tiram
- 1 sendok kecap asin
- 2 sendok tek pedes
- Uyah
Ngadamelna:
- Tumis bawang bodas sareng bawang bombay dugi kaseungit.
- Lebetkeun cumi-cumina,oseng-oseng sakedap.
- Tambihkeun paprika sareng saledri.Ageungan seuneuna,oseng-oseng sing
- enggal.
- -Angkat.
wilujeng nyobi….
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id


euleuh teteh meuni kuraos..
ieu abdi parantos nyobian da..alhmadulillah janten oge geuning..panginten teh henteu..
hehehe..
sip atuh…