Kueh Waluh Koneng
Bahan:
- 400 gr waluh koneng,seupan teras dilemeskeun
- 200 gr waluh koneng,potong 1cm ka1cm
- 5 mata nangka,potong 1cm ka 1cm
- 200 gr tipung beas
- 50 gr tipung aci
- 200 gr gula bodas
- 350 cc cipati
- 1/2 hulu kalapa,diparut
Cara ngadamelna:
- Campurkeun waluh koneng nu tos lemes sareng tipung beas,tipung aci,gula bodas,cipati dugi ka rata.
- Campurkeun kalapa parut (sapalih) sareng waluh nu kenging ngeureutan kana adonan tadi.
- Alihkeun adonan eta kana loyang anu tos diolesan minyak kalapa.
- Seupan 20 menit.Teras awuran nangka diluhureunana.Seupan 20 menit deui.
- Angkat teras tiiskeun.Pami tos tiis kaluarkeun tina loyang,keureutan sakahoyong urang bae.
- Sajikeun sareng kalapa parut anu kenging nguyahan sakedik.
Mangga wilujeng nyobi.
Hatur nuhun.
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
