Gepuk
Bahan:
500 gr daging sapi, godog dugi ka hipu, potong 5×5 kandelna 1 cm digeprek tp
tong dugi ka bubuk
100 cc cipati
Bungbu:
- 5 siki bawang beureum
- 2 sihung bawang bodas
- salam salambar
- 3 cm laja, gepr?k
- 5 gr asem
- 30 gr gula beureum
- 2 sdm katuncar
- Uyah sacekapna
Ngadamelna:
- Sadaya bungbu dilemeskeun campurkeun kana cipati + cikaldu. Godog.
- Tambihkeun uyah, salam sareng laja. Lebetkeun daging dugi ka saat nyerep
- Bungbuna kana daging. Angkat.
- Pami tos tiis, goreng daging dugi ka semu coklat.
- Hidangkeun tiasa nganggo puruluk bawang goreng.
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
