Archive for the ‘Resep Masakan’ Category
Pais Lauk
Bahan:
1 kg lauk cai, disisit, dikumbah dugi ka beresih. Cukaan 1 sdt, kanggo ngicalkeun hanyirna antep 15 mnt. Tos 15 mnt, kumbah deui laukna, tuuskeun. Uyahan 1 sdm pinuh tambahan pecin. Galokeun. Pami hoyong nyerep simpen sawengi na kulkas.
Bungbu + Ngadamelna:
10 siki Muncang, 2 buku curuk koneng, 5 sihung bawang beureum, direndos dugi ka lemes. Goreng ku mantega campur minyak. Tos tiis lebetkeun bawang daun kenging nyiksik sareng daun surawung. Aduk dugi ka nyampur.
Sayogikeun daun cau manggala (pami aya) Lauk balur ku bungbu tadi, beuteungna dilebetan oge bungbu.
Bungkuskeun ku daun cau bade janten sabaraha bungkuseun kumaha kapalay. Naha bade dua dua atanapi hiji-hiji sabungkusna.
Tilepkeun tungtung sareng tungtung diseumatan. Buntel deui ku koran. Seupan upami hoyong empuk dugi kacucuk-cucukna, nyeupanna kirang langkung 5 jam, tiap sajam sakali tambihan cai bilih saateun.
Tos asak angkat. garang dina katel supados peungkeur. Parantos.
Wilujeng Mais Lauk!
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
Oseng cumi
Bahan:
- Sasendok minyak goreng
- 2 sihung bawang bodas,siksik
- 25 gr bawang bombay,siksik
- 200 gr cumi-cumi,potong siga korek api
- 100 gr paprika beureum,potong siga korek api
- 50 gr saledri,potong siga korek api
- 2 sendok saos tiram
- 1 sendok kecap asin
- 2 sendok tek pedes
- Uyah
Ngadamelna:
- Tumis bawang bodas sareng bawang bombay dugi kaseungit.
- Lebetkeun cumi-cumina,oseng-oseng sakedap.
- Tambihkeun paprika sareng saledri.Ageungan seuneuna,oseng-oseng sing
- enggal.
- -Angkat.
wilujeng nyobi….
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
Lotek
Bahan:
waluh, toge, kangkung diseupan, bade ditambihan ku kacang pjg ge
mangga
waluh disiksik stik. Kangkung dipotong2 daunna + gagangna.
Bungbu + Ngadamelna:
Uyah, gula beureum, cengek, suuk direndos dugi ka lemes, kanggo
ngaledokan bungbu tambihan kulub kentang. Tos lemes, tambihan ku cai
asem kinten2 1 sdt ngarah gahar.
Brus seupan waluh, toge, kangkung. Galokeun we. Raosan uyah gulana.
Tiasa dipurulukan bawang goreng, tambihan sareng kurupuk.
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
Kueh Waluh Koneng
Bahan:
- 400 gr waluh koneng,seupan teras dilemeskeun
- 200 gr waluh koneng,potong 1cm ka1cm
- 5 mata nangka,potong 1cm ka 1cm
- 200 gr tipung beas
- 50 gr tipung aci
- 200 gr gula bodas
- 350 cc cipati
- 1/2 hulu kalapa,diparut
Cara ngadamelna:
- Campurkeun waluh koneng nu tos lemes sareng tipung beas,tipung aci,gula bodas,cipati dugi ka rata.
- Campurkeun kalapa parut (sapalih) sareng waluh nu kenging ngeureutan kana adonan tadi.
- Alihkeun adonan eta kana loyang anu tos diolesan minyak kalapa.
- Seupan 20 menit.Teras awuran nangka diluhureunana.Seupan 20 menit deui.
- Angkat teras tiiskeun.Pami tos tiis kaluarkeun tina loyang,keureutan sakahoyong urang bae.
- Sajikeun sareng kalapa parut anu kenging nguyahan sakedik.
Mangga wilujeng nyobi.
Hatur nuhun.
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
Hayam Suwir Pedes
Bahan:
- 2 dada hayam, godog dugi ka asak, suwir kasar
- 350 ml cipati kentel tina sahulu kalapa
- 5 lambar daun jeruk
- 2 batang sereh, geprek
- 1 cm laja, geprek
- 2 lambar daun salam
- 1 sdm ciasem jawa
- 1 sdt uyah
- 1/2 sdt pedes bubuk
- 4 sdm minyak goreng
Lemeskeun :
- 10 buah cabe beureum
- 10 sihung bawang beureum
- 5 sihung bawang bodas
- 1 sdm gula beureum, sisir
- 2 cm cikur
- 1 sdt tarasi asak
Ngadamelna:
- 1. Hayam saatos digodog, suwir-suwir. Simpen heula.
- 2. Panaskeun minyak goreng, oseng-oseng bungbu nu tos lemes dugi ka seungit. Lebetkeun cipati, hayam suwir, daun jeruk, sereh, laja, salam, ciasem, uyah jeung pedes. Masak dugi ka saat, nyerep, angkat.
Kanggo : 8 urang
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
Gepuk
Bahan:
500 gr daging sapi, godog dugi ka hipu, potong 5×5 kandelna 1 cm digeprek tp
tong dugi ka bubuk
100 cc cipati
Bungbu:
- 5 siki bawang beureum
- 2 sihung bawang bodas
- salam salambar
- 3 cm laja, gepr?k
- 5 gr asem
- 30 gr gula beureum
- 2 sdm katuncar
- Uyah sacekapna
Ngadamelna:
- Sadaya bungbu dilemeskeun campurkeun kana cipati + cikaldu. Godog.
- Tambihkeun uyah, salam sareng laja. Lebetkeun daging dugi ka saat nyerep
- Bungbuna kana daging. Angkat.
- Pami tos tiis, goreng daging dugi ka semu coklat.
- Hidangkeun tiasa nganggo puruluk bawang goreng.
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
Brownies
Bahan:
- 160 gr tipung tarigu
- 30 gr tipung cokelat
- 200 gr cokelat blok (dil??hkeun)
- 4 siki endog hayam
- 200 gr gula bodas
- 200 gr mantega dileehkeun
- sabungkus paneli
- kismis sacukupna
- kacang mede disiksik ipis
Katerangan : Tipung tarigu jeung tipung coklat dicampurkeun
Ngadamelna:
- Endog, gula bodas, paneli dikocok nganggo mikser nepi ka bodas budahan.
- Tambahkeun tipung tarigu + tipung coklat kana adonan endog. Aduk nganggo sendok kai singka rata
- Tambahan deui coklat blok nu geus dileehkeun kana adonan, aduk deui singka rata.
- Bagean Kismis dikana adonankeun aduk deui rata. Lebetkeun mantega cair nu tos tiis. Galokeun
- Lebetkeun kana loyang nu tos dipulas ku mantega teras ditariguan. satengah loyang we da ngke ge bakal pinuh
- Kacang mede diluhureun adonan nu tos dikana loyangkeun.
- Sadiakeun open nu tos dipanaskeun (seuneuna sing alit) Lebetkeun adonan kana open. Antosan dugi ka asak seungit. Kinten-kinten 35 mnt atanapi tiasa wae langkung, ngec?k asak henteuna tiasa ditojos nganggo sabangsaning nu tiasa ditojoskeun sapertos sumpit kana kueh.. pami tos garing kuehna… angkat. tamplokkeun kana piring. sip we
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
Bolu Seupan ala Nyi Misnem
Bahan:
- Tarigu 250gr
- Endog 250gr
- TBM (pengempuk kueh) 1sdt
- Susu cair kentel sagelas
- Gula bodas 200gr
- Mun bade nganggo pulas/ontan nya nganggo (teu langkung)
Ngadamelna:
Endog + TBM + gula dikocok dugi ka bodas, ngembang. Tambihkeun tarigu bari tetep dikocok ku mixer, tos kakocok rata, tambihan susu sakedap we dikocokna ari disusuan mah) tos rata teras tambihan pulas/ontan, bade pulas naon wae, bade 3 warna mangga, dipisahkeun heula 3 bagian,
warnaan we hiji hiji, dikana loyang plastikeun nu bolong tengahna. tapi loyangna diminyak kalapaan heula dugi ka sadayana kaminyakan. Nembe adonan di kana loyang plastikeun. bade teu diwarnaan ge teu langkung, da rasanamah sami..
kumaha kahoyong bae!! teras tos dikana
loyangkeun, sateuacanna ketang golakeun cai (pami tos panas) teras seupan we adonanna, apal pan ari nyeupan mah? sapertos jiga nyeupan cau, dihandapna cai, tutupan we! kirang langkung 20mntan asak!!!!! angkat we ari tos asak mah, hoyong apal asak henteuna? tojos ku sumpit, pami tos teu napel na sumpit berarti asak!!!
Mangga wilujeng nyobian!!
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
Beef Teriyaki
- Daging digodog dugi ka asak, tuuskeun. Potong ipis-ipis.
- Ganas asak, potong dadu.
- Cabe hejo
- Kecap
- Bawang beureum
- Bawang bodas
- Pedes
- Bawang bombay
- Penyedap rasa)
- Uyah
- Pecin
- Gula beureum.
Ngadamelna:
Bawang beureum, Bawang bodas, Pedes sadayana direndos
Bawang bombay disiksik, cabe disiksik.
Pasak bungbu nu tos direndos, lebetkeun bawang bombay + cabe. Tos seungit, lebetkeun daging siksik. Lebetkeun cai panggodoganana sacekapna. Bungbuan: masako, uyah, pecin, gula beureum, kecap. Ungkeb. Tos bungbuna nyerep, sareng karaosna pas, nembe dibuka. Dugi ka caina nyaatan. Cabena tong layu teuing. Lebetkeun ganas siksik. Galokeun. Pareuman. Siap dituang, tiasa dijantenkeun rencang sangu.
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
Angeun Kacang
Kacang beureum diisikan, dikumbah sing beresih
Bungbu :
- Bawang beureum 5 sihung disiksik
- Laja digeprek
- Daun salam
- Uyah sacekapna
- Gula beureum sacekapna
- Asem sacekapna
- Tarasi sacekapna
- Pecin
Ngadamelna:
Kacang dikulub sareng laja, salam, siksik bawang dugi ka hipu.
Tambihan uyah, gula, asem, pecin.. ieu mah kumaha kahoyongna.. pami
semu-semu amis nya gulana seueuran. Gumantung kana seueurna kacang..
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id


