Brownies
Bahan:
- 160 gr tipung tarigu
- 30 gr tipung cokelat
- 200 gr cokelat blok (dil??hkeun)
- 4 siki endog hayam
- 200 gr gula bodas
- 200 gr mantega dileehkeun
- sabungkus paneli
- kismis sacukupna
- kacang mede disiksik ipis
Katerangan : Tipung tarigu jeung tipung coklat dicampurkeun
Ngadamelna:
- Endog, gula bodas, paneli dikocok nganggo mikser nepi ka bodas budahan.
- Tambahkeun tipung tarigu + tipung coklat kana adonan endog. Aduk nganggo sendok kai singka rata
- Tambahan deui coklat blok nu geus dileehkeun kana adonan, aduk deui singka rata.
- Bagean Kismis dikana adonankeun aduk deui rata. Lebetkeun mantega cair nu tos tiis. Galokeun
- Lebetkeun kana loyang nu tos dipulas ku mantega teras ditariguan. satengah loyang we da ngke ge bakal pinuh
- Kacang mede diluhureun adonan nu tos dikana loyangkeun.
- Sadiakeun open nu tos dipanaskeun (seuneuna sing alit) Lebetkeun adonan kana open. Antosan dugi ka asak seungit. Kinten-kinten 35 mnt atanapi tiasa wae langkung, ngec?k asak henteuna tiasa ditojos nganggo sabangsaning nu tiasa ditojoskeun sapertos sumpit kana kueh.. pami tos garing kuehna… angkat. tamplokkeun kana piring. sip we
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
