Bolu Seupan ala Nyi Misnem
Bahan:
- Tarigu 250gr
- Endog 250gr
- TBM (pengempuk kueh) 1sdt
- Susu cair kentel sagelas
- Gula bodas 200gr
- Mun bade nganggo pulas/ontan nya nganggo (teu langkung)
Ngadamelna:
Endog + TBM + gula dikocok dugi ka bodas, ngembang. Tambihkeun tarigu bari tetep dikocok ku mixer, tos kakocok rata, tambihan susu sakedap we dikocokna ari disusuan mah) tos rata teras tambihan pulas/ontan, bade pulas naon wae, bade 3 warna mangga, dipisahkeun heula 3 bagian,
warnaan we hiji hiji, dikana loyang plastikeun nu bolong tengahna. tapi loyangna diminyak kalapaan heula dugi ka sadayana kaminyakan. Nembe adonan di kana loyang plastikeun. bade teu diwarnaan ge teu langkung, da rasanamah sami..
kumaha kahoyong bae!! teras tos dikana
loyangkeun, sateuacanna ketang golakeun cai (pami tos panas) teras seupan we adonanna, apal pan ari nyeupan mah? sapertos jiga nyeupan cau, dihandapna cai, tutupan we! kirang langkung 20mntan asak!!!!! angkat we ari tos asak mah, hoyong apal asak henteuna? tojos ku sumpit, pami tos teu napel na sumpit berarti asak!!!
Mangga wilujeng nyobian!!
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id
