Beef Teriyaki
- Daging digodog dugi ka asak, tuuskeun. Potong ipis-ipis.
- Ganas asak, potong dadu.
- Cabe hejo
- Kecap
- Bawang beureum
- Bawang bodas
- Pedes
- Bawang bombay
- Penyedap rasa)
- Uyah
- Pecin
- Gula beureum.
Ngadamelna:
Bawang beureum, Bawang bodas, Pedes sadayana direndos
Bawang bombay disiksik, cabe disiksik.
Pasak bungbu nu tos direndos, lebetkeun bawang bombay + cabe. Tos seungit, lebetkeun daging siksik. Lebetkeun cai panggodoganana sacekapna. Bungbuan: masako, uyah, pecin, gula beureum, kecap. Ungkeb. Tos bungbuna nyerep, sareng karaosna pas, nembe dibuka. Dugi ka caina nyaatan. Cabena tong layu teuing. Lebetkeun ganas siksik. Galokeun. Pareuman. Siap dituang, tiasa dijantenkeun rencang sangu.
Kintunan ti Neng Pupy
urang-sunda.or.id

